TIMES

Selasa, 13 Agustus 2013

Biografi Otto Iskandar Dinata Versi Bahasa Sunda

Otto Iskandar Dinata

      Hidep tangtu geus pada nyaho, saha ari bapa Otto Iskandar Dinata teh? Anjeuna teh salasaurang pahlawan nasional anu gede jasana pikeun bangsa jeung nagara Indonesia. Pa Otto meunang jujuluk “Si jalak harupat”, lantaran gede kawanina.

      Otto Iskandar Dinata teh pituin urang bandung. Anjeuna dibabarkeun di Bandung tanggal 31 Maret 1897. Ti keur budak keneh oge geus katembong bakat jeung kamampuhna anu onjoy batan budak anu lain. Anjeuna
boga cita-cita haying jadi guru. Satuntasn sakola di HIS Bandung, pa Otto neruskeun sakola ka HKS (Sakola Guru Atas) di Purworejo. Ku sabab keyeng jeung suhud dina diajar, ahirna cita-cita laksana. Anjeuna dipindahkeun ka bandung. Ti keur sakola di HKS keneh.
      Pa Otto geus kataji ku kaom pergerakan. Anjeuna tuluy asup organisasi Budi Utomo. Ti saprak matuh di  bandung anjeuna oge jadi anggota paguyuban pasundan. Ti harita pa Otto mimiti dipikawanoh ku masyarakat Indonesia. Dina taun 1929, pa Otto kapilih jadi pangurus besar paguyuban pasundan. Dina jaman kapangurusan anjeuna, eta organisasi teh maju pisan, babakuna dina widang pulitik,ekonomi, pasuratkabaran, jeung atika nyusun UUD 1945 jeung pancasila, tuluy dina cabinet munggarang anjeuna dijungjung lungguh jadi Menteri Negara. Dina jaman kamerdekaan, pa Otto kaasup anggota PPKI anu ngabogaan pancen ngaronjatkeun kahirupan rahayatna.


     Hanjakal dina bulan Oktober 1945, pa Otto aya nu nyulik sarta dipergasa tepi ka tilar dunya. Anjeuna wafat di Banten kaping 20 Desember 1945, dipindahkeun ka bandung taun 1947.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar